Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sajak

Statsion Bandung

Minggu, 14 Juli 2013

Pegat-nyambung gerbong
jeung gerbong
Aya kénéh rohangan nu molongpong?
Keur ngigelkeun sada
Paregat-nyarambung lalakon
jeung lalakon
Aya kénéh sésa cipanon?
Keur nungkulan béja
Nu paregat. Nu nyarambung
Anteng silih téangan, sumedeng
Gumuruh antara sora jeung sora

Bandung, 2011

Arom Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya