Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Peuting Beuki Koredas

Minggu, 14 Juli 2013

LEGUK! Notor botol Martini, basa peuting manjangan. Bruh-breh narembongan sagala nu geus kasorang. Leguk deui! Sugan mabok bisa ngepeskeun sagala kapeurih. Cekes, nyeungeut roko. Pelenyun, pelenyun. Haseup nyerebeng kaluar tina irung. Kaluar tina ceuli. Ngagulung luhureun sirah. Gigideug. Sugan nyingkah jurig nu nganjrek dina sirah. Dina pikiran. Leguk deui! Peuting beuki jempling. Haseup beuki ngagulung kaluar tina saban liang. Ngaguruh. Rapluk maruragan tina haseup. Beuki lila beuki loba tingjelepeng. Leguk deui! Pabalatak suku, leungeun jeung eusi peujit nampuyak. Teu jauh ti indung suku, ngadungkuk sirah nu baseuh. Beureum. Gebeg! seak! sirah manehna. Leguk deui. Peuting koredas...* Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya