Potrét
CAMÉOT di juru rohangan. Nyingkahan gorowok sora panitia nu keur balitungan. Dumadak inget kana peperenian. Kusiwel, kana lokét nu geus bulukan. Bréh deui waé. Potrét manéhna.
“Éta potrét nu panggeulisna,” cenah harita. Basa apél munggaran. Teu sangka. Manéhna bet luas ngadoja. Hareupeun panto
loténg imahna. Ti harita éta potrét tuluy bumetah. Maturan unggal léngkah. Teu daékeun ingkah. Nepi ka kiwari. Geus sagala genah.
Kerejet. Leungeun aya nu ngajéwang. Nu ngajak lalajo ka tengah rohang. Ngajeblag itungan dina papan. Calon nu pangluhurna beuki mengpengan. Ukur rumahuh. Potrét diteuteup deui. Geus lila pisan, panon dina potrét teu mikeun teuteup kahéman. Rarasaan tisaprak aya nu ngolébat di saban parapatan. Runya-renyu dina jegir palang kayu. Ngelétan dina beuteung tatangkalan.
Potrét dikuntel-kuntel. Am, dihuapkeun. Asa gereget nakeranan. Koloyong, ka luar. Ngalepéhkeun sésa panineungan.
Ti tukang rabeng nu nyalampeurkeun. Sungsong ngajak sasalaman. Ieu haté kalah ngageuri. Sieun tulus jadi salaki bupati.* Asep Komara - kisuta.com


