Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Haté Mang

Senin, 15 Juli 2013

"CINTA, Mang. Lain soal harta atawa tahta." Pokna. "Lain soal dedegan atawa rupa." Teuteupna niruk pameunteu. Sakedapan. Laju ngalieus. Euntreup dina kalangkang bulan parahu. Kalangkang nu angkleung-angkleungan dina umpalan cai walungan. Konéas. "Perkara rasa, cinta mah." Antaré. Leungeun kéncana ngusapan tonggong. Karasa geugeutna. Haneut. Nundung hawa tiris angin peuting. "Datangna mo bisa dipaksa. Mo bisa dihulag." Aya nu beueus dina teuteupna. Aya kalangkang kahanjelu. Kulawu. "Sajatining cinta, Mang, karasa najan tan katara. Katampa najan tan karampa." Celengok. Kana embun-embunan. Rupa-rupa rasa. Pagaliwota dina dada. Ukur bisa ngararasakeun kadeudeuh. Basa rangkul mingkin pageuh. Teu kuat. Hayang babaung. Ngabudalkeun ketug jajantung. Ngalaungkeun kawih kabagjan. "Asih Mang, Mbi, dangding wening saendeng-endeng".* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com 


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya