Sastra & Humor
Fikmin
Antara Zamzam Jeung Multazam
Senin, 15 Juli 2013
SATENGAH dua peuting. Bulan nu ngaarit. Angin nu ngahiur meni seungit.
Lengkah jumarigjeug ngadeukeutan Hijir Ismail. Mangpuluh menit ngabudalkeun guligah. Netel-netel cimata kana lebahing kiswah.
"Ilaahi abdukal 'aasi ataaka. Muqirron biddunuubi wa qod da'aaka..." bray, aya kalangkang almarhum bapa. Garis-garis kacape dina rarayna, ngagedat kacida atra. "Abdi sono Pa..."
Jam satengah dua peuting, kuring ngedalkeun guligah. Netel-netel cimata kana lebahing kiswah.* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


