Meunang Pagawéan
GEUS saminggu jadi supir di nu beunghar pagawé kantoran. Duh! Bungah kapaké pisan. Dunungan awéwé téh geulis badis artis. Teuing pamajikan nu kasabara. Mun pareng taya gawéan, sok uplek ngobrol jeung si Minah nu purah
masak. Lumayan bahénol. Hiji mangsa dunungan awéwé ngajak dahar ka léstoran tiluan jeung Si Minah. Pahareup-hareup. Geumpeur. Da can pernah dahar méwah. Sajeroning keur dahar. Bitis handapeun méja digasah-gasah ka si Minah. Tapi teu diképéskeun. Kalah jongjon ngahuap meni rewog. Bérés dahar ngaharéwos ka si Minah. “Min, tadi digasah-gasah meni cicing waé ih, genah nya?” Cekéng. Si Minah melengek. Cenah da teu ngarasa. Rey. Beungeut asa ngandelan. “Beu, alamat dipecat yeuh,” ngagerentes. Sapeupeuting teu daék saré. Baju geus dibérésan. Kring. SMS. Beu! Ti dunungan. Leungeun ngeper. SMS dibuka. “Mang, wayahna isuk, Ibu anteur ka saung. Plis.., déh...!”* Yuharno Uyuh - kisuta.com


