Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Hayang Siga

Selasa, 16 Juli 2013

ARPA jeung Nunung keur ngobrol di tengah imah ngeunaan kahayang jaga.
Nunung: "Kang Arpa, mun tos ageung hoyong janten naon?"
Arpa: "Hayang jadi guru ngaji atawa merbot."
Nunung: "Ih...moal digajih atuh?
Arpa: "Ah engke we digajihna mah di akherat, kuring mah hayang siga jalma-jalma nu saroleh mun geus maot jaga loba nu daratang ngaduakeun. Ari Nunung rek jadi naon jaga?"
Nunung: "Abdi mah hoyong janten artis...Meh seueur artos, unggal pendak sareng saha wae di jalan seueur nu hoyong popotoan sareng abdi, Kang Arpa."
Arpa: "Heuueh mun enya jadi artisna teh kasohor. Mun henteu kumaha?"
Nunung: "Ah, bade nurutan Jupe we. Tapa di lebet walungan sareng nyajen ka laut ngulem wartawan meh arapaleun."
Arpa: "Mun angger keneh teu kasohor kumaha, Nung?"
Nunung: "Bade gelo we abdi mah daripada nandang wiwirang. Siga si Sarah nu sok sura seuri sorangan si sisi jalan pan seueur nu nyarioskeun oge hare-hare we da puguh teu ngartos."* Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya