Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Disebut Dua Kali

Rabu, 17 Juli 2013

“AMIH..! Poé ieu ijin balik! Ngacina istirahat heula.” Amitan ka dunungan.
“Belegug Sia mah Iti! Ayeuna panan urang maréma téh! Bakal loba tamu nu datang ngadagor-dagorkeun huluna bari méakeun gajih ka tilu welas! Lumayan sakeur bekel puasa!” Satengah teu mikeun.
“Hayang ngariung heula jeung duduluran, Amih!”
“Meunggeus! Heug wé lah mantog! Tapina tong lila teuing! Janggol-janggol barina gé, meuni balaga suci pisan!” Meg! Nyentug. Keuna kana mamaras. Nenggel kana angen. Tapi dumadakan dua kali disebut, teu ngarasa raheut kalbu. Malah bagja. Haté ujug-ujug galécok ngupahan pokna, “Manéh leuwih mulya tibatan langganan manéh nu pangkat mulyana disebut dua kali.”
Ngagidig. Gilig ninggalkeun gawé di pabrik aci. Najan di lembur loba nu ngajejeléh, peuting munggaran ieu manéhna jongjon tarawéh. Dimukena sutra lalayu sekar. Lungsuran. Mas kawin tinu haat mileuleuheungkeun. Bagja basa peuting ieu sagalana munggaran deui.* Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya