Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ni'mat

Rabu, 17 Juli 2013

TIMBEL sangu akeul dibungkus daun cau manggala beunang ngaleumpeuh. Sumeleber. Campuh jeung sambel lada, beuleum japuh panambahna goreng tempe ku jalantah. Cakeutreuk. Diais dina boboko. Nganteuran.
"Geuning ngan limaan, dua deui ka mana?" tanya si rancunit.
"Adun muriang ngadadak. Dibantun ka kilinik ku bapana. Teu aya gentosna. Sesah, usum gawe."
Wanci haneut moyan, nu limaan murak timbel. Dina juru galengan nu rada nemprak. Ngalimed. Sisi jalan aya sedan beureum nyisi. Reg. Jut dua nonoman turun dituturkeun istri tengah tuwuh muru nu ngariung. Hareugeueun. Sisinarieun. Dilieuk si rancunit geus bingbrit.
"Kabita. Hayang ngeunah dahar," si ibu nyarita sabada guntreng jeung tukang macul.
"Kaleresan. Aya timbel duaaneun. Mangga ngarah karaos ni'matna anggo heula ieu pacul!" mang Darsa nembal bari ngasongkeun pacul.
Simpe. Taya nu nyora. Moro ni'mat dina tungtung doran.* Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya