Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Paninggaran

Rabu, 17 Juli 2013

LAMPING suku gunung leupas tina léngkahna. Sup ka leuweung ganggong simagonggong. Hawa nyelesep tiis, nyerep satulang sandi. Matapoé teu bisa nembus bumi, da kahalangan ku dangdaunan. Malin Kundang, paninggaran kahot, leumpang ka tengah leuweung. Ti lébah kéncaeun, hawar-hawar aya sora wanoja nu keur arocon jeung papadana. Malin Kundang panasaran. Disampeurkeun. Dideukeutan antaré naker. Jleng ka tukangeun tangkal jati sapanangkeupan munding. Ngadadak haténa ratug tutunggulan. Tuurna asa caroplok. Saawak-awak ngeleter. Teu jauh ti tempat nyumputna, aya cadas bodas nu nyérélék cai nyusu. Dina wahanganana, tujuh widadari keur mandi. Arocon. Hareureuy jeung papada baturna. Silih simbeuh. Silih geuhgeuykeun bari suka seuri. Salasahiji putri nu keur mandi reuwas. Mireungeuh aya nu noong tukangeun tangkal gedé. “Héy! Malin Kundang! Teu uyahan siah noong kami nu keur mandi?” Gantawang Nawang Wulan ambek. Malin Kundang samar polah. “Halig ka dituh sing jauh, Malin. Nu noong mah kuduna gé Jaka Tarub, lin?”* Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya