Isarah
PEUTING ngarambatkeun jempling. Jero kamar pangantén. Kamar basajan tan pulas jeung rias. Dikulambu kelemeng bohlam. Harimumu juru lalangit. Karancang bilik. Sesela palupuh. Katut saheulay samak tilam kasur lagedu.
Saleuwihna. Ukur saruntuy manglé pamatri kolotna. Nyelap dina palang dada. Sérélék. Lalangsé kamar dibuka. Dua raga tanpa daksa. Dibuntungan seuseukeut takdir. Gégésor patutur-tutur. Gék luhur sepré. Pahareup-hareup. Nyeumatkeun teuteup. Taya ungkara nu kalisankeun. Pada-pada nyidem geter. Ngemu liwung saban rénghap nu kalarung. Nyéh arimut. Tapi tuluy ngaheneng. Milang kemba jeung ambekan séwang-séwang. “Néng...” Nu halon kedal. “Kah, Kang...” Nu werat némbal. Lalaunan. Lalakina. Netelkeun napas kana tarang. Awéwéna. Ukur peureum bari tungkul. Tuluy nyuuh kana rangkulan. Ngaheneng deui. “Ramo-ramo urang, lain impian samar kadongkang...” Aya isarah tina sadrah jeung guligah. Laju dua pasang leungeun samet siku. Dua pasang suku samet tuur. Pada-pada ditepungkeun. Numbu dina hiji kujur buku waruga. “Peuting ieu, sagalana baris sampurna...” Aya sukma sumanding dina peuting nu terus ngarambatkeun hariring.* Ari Andriansyah - kisuta.com


