Ema jeung Kukupu
BUDAK umur opat taun meujeuhna piindung. Nginghak dina golodog imahna, nyawang éndahna kekembangan nu marangkakan. Wayah kieu téh apanan biasana indungna keur bébérés di buruan bari nyéboran pepelakan. Sorana
ngagalindeng tetembangan, aya kidung, jejemplangan, atawa sekar manis kalayan basajan. Sorana lirih ngayun ambing, mapalérkeun pikir nu keur berewit rungsing.
“Ngampih atuh Dédéna, seueur laleur didieu mah!” ceuk bapana.
“Ema...Ema....Dédé hoyong ka Ema....!” tanggah neuteup ka bapana.
“Emana ogé apanan tos jadi widadari anu geulis ”
“Naon widadari téh, Bapa?”
“Widadari mah istri nu geulis, tiasa ngapung saperti kupu-kupu nu lalucu itu!”
Budak téh nyusutan panonna anu rambisak, neuteup anteb kana kukupu nu kekeleperan hiber, eunteup dina kembang aster, pindah kana kembang hébras, clo deui kana kembang eros. Kitu jeung kitu bari mébérkeun kelir jangjangna anu éndah.
“Sareng apanan ayeuna mah Dédé tos gaduh Ema anyar...” imut bari ngusapan.
“Dédé mah hoyong Ema......” budak ngagoak, hing deui ceurik bangun kanyenyerian pisan.* Zulaikha Sobana - kisuta.com


