Tangkuban Parahu
"TUMANG, wayahna manéh kudu paéh. Aing perlu ati sia keur Si Ema!" ceuk Sangkuriang bari nodongkeun péstol kana sirah Si Tumang. Nu ditodong ngan wasa neuteup. Galura rasa dina dadana dikedalkeun harita kénéh. "Kop baé ari
perlu mah. Uing rido pisan," anjing téh ngadadak nyoara. Beledag aya guludug di langit. Angin ngaguruh jiga nu ngamuk. Nu rék némbak ngadadak leuleus satulang sandi.
"Pék geura témbak sirah uing!" ceuk hiji sora nu kacida ahéngna. Anjing leungit ngajanggélék jadi lalaki gagah nu maké seragam tentara. Rumpuyuk Sangkuriang kana lemah. "Anjeun téh saha téa?" tanya Sangkuriang bari ngeleper. "Hitler..!" jawabna bari nyo'o kumis nu ngagunduk handapeun irungna. Ucing jeung sato séjénna pating laléos bari mesem.* Irman N Dimyatié - kisuta.com


