Kebon Awi 9
GEUS rék puasa deui, gerentesna. Rét kana kalénder. “Isuk mah urang nganjang ka Mang Adang,” pokna ka pamajikanana nu geus didadaster. Ukur dijawab ku ngabalieus. Isukna ngadius ka kalérkeun, jauh ka pasisian. “Bilik
meureun beuki teu payu. Mangkaning anak salima-lima.” Pamajikanana teu némbal. Geus bangkenu ti imah kénéh, komo barang apal manéhna ngamplopan duit keur Mang Adang, pangasuhna baheula. Nepi ka nu dituju manéhna ngahuleng. Kebon awi tempat saung réod Mang Adang jeung sabudeureunana geus rata satungtung deuleu. Jalma nu keur anteng ngintip dina teodolit dideukeutan. “Bade didamel naon lahan téh?” Nu ditanya ngarérét bari imut, “Memorial Park!” Ngadéngé éta jawaban, pamajikanana kakara imut, bari rada dijebikeun. Kusiwel kana amplop, song dibikeun ka pamajikanana. “Milik Mamah meureun, lain rék meuli geulang keur lebaran?” pokna, alum, bari tuluy meuntasan lahan, ngadon kekebulan, siga hayang ngajugjugan legana kebon awi dina wangwangan.* Darpan A Winangun - kisuta.com


