Sastra & Humor
Fikmin
Seungit
Kamis, 18 Juli 2013
UKUR sora cai pancuran nu kapireng. Ngawirahma sapanjang peuting. Lalangit kamar nu rupa-rupa pulasna, pulas sésa cai hujan kareret pangatrana.
Dampal leungeun katuhu, diteundeun hareupeun biwir. Diseuseup. Panon peureum. Bray, aya seuri jeung sora
manéhna. Diseuseup beuki jero. Simpe beuki seungit.
Peuting mingkin ngolotan. "Mun subuh kakumbah leungeunna. Mun beurang luntur ku mangsa. Kuring embung leungiteun seuri jeung sorana!" Aya jerit nu teu kedal. Dampal leungeun katuhu diseuseup deui.
Dicekelan ku leungeun kénca. Aya getih ngareclakkan. Seungitna moal kamamana.* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


