Manglé
“HALOW...! Halow...! Ieu saha? Gélo, siah! Ngan gunta-ganti nomer waé!”
“Anjrit, iphone anyar euy! Boro-boro, hayang ganti tablét gé bolay. Mentri kauanganana korét!” Norostos, lir kacang ninggang kajang. Dibarung anolékak, sila tutug.
“Cik, calikna nu leres. Piraku istri kitu peta!” Kalahka mureleng. Laju gudad-gadeud.
“Baruk, kudu milu pasanggiri kawih? Iraha? Bulan hareup? Demi manéhna, jeung sakolaan urang. Uing siap! Kafe biasa? Heug, dagoan nya!”
“Badé kamana Kinan téh? Sakedap deui magrib!”
“Ibu teu kedah terang, teu kedah ngatur! Kinan tos ageung!” Biur, mobilna nyemprung.
Kabedil langit. Kinan saged. Dikabaya pulas beureum rambutan. Samping réréng Garutan. Geulis, namblég!
Gap , leungeunna kana manglé, nu meulit dina gelung, diudar, dibeulitkeun na gelung Kinan.
“Campaka sareng malati, karesep Mamah Wening!” Pokna halon. Duanana ngaheruk. Ngumbar tineung séwang-séwangan.
“Ibu, hapunten Kinan!” Halimun peuray lalaunan. Seungit campaka selang surup jeung malati nyambuang. Samar, Wening imut ngagelenyu.* Nena Cunara - kisuta.com


