Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Dongeng Kuda Jeung Domba

Jumat, 19 Juli 2013

GEDOGAN jeung paranje kasekat ku gedeg carang. Kuda ngaheruk. Domba jalu heraneun, “Aeh na kunaon Lur?” tanyana. “Dunungan urang!” tembal kuda ngarahuh. “Enya kunaon dunungan urang teh?” Domba panasaran. “Arek pindah kasabna jadi supir angkot!” Kuda ngalengis. Inget di pasar tilu poe katukang, dirina ditawarkeun ka bandar daging. Cenah mah keur nambahan DP ka Sorum mobil. “Meugeus teu kudu dipake kasedih. Malah kuduna atoh didinya, jadi teu kudu narik sado deui. Meujeuhna pangsiun da geus kolot lin!” Kuda neuteup domba panonna beueus. “Aeh enya sakalian uing amit Lur, wireh lebaran haji nu kari dua poe deui. Dunungan urang teh arek qurban!” Ceuk domba rada ngahuleng.* Kang Ismaya - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya