Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Beu

Jumat, 19 Juli 2013

SABULAN sakali ka lembur ngalongok Bapa, nyabeulah saprak Ema pupus dua taun katukang. Ka lembur tara léngoh, mawa oléh-oléh keur Bapa, tuangeun mah tara réwél Bapa téh, lamun anggoan, baju koko, sarung, kaméja, teu weleh dicawad, kelirna goréng, potonganana goréng, anu réwélna sual harega. Harega sabaraha waé teu weléh kamahalan. ”Anu kieu murah Sép, di lembur ogé aya,” pokna. Ka lembur ayeuna meuli jékét Koréa, lumayan mahal, harega lima ratus rewu. Datang ka lembur teu wudu atoh Bapa téh, teu nyawad deuih. ”Sabaraha ieu teh Sép haregana?” Da sieun disebut mahal. ”Dua ratus réwu Pa.” Cekeng bari rerempodan. Bapa bungah. Dua poé di lembur jékét teu lésot, agul jékét alus. Mulang ka dayeuh, datang pasosoré, karék ogé gogoléran ngarasakeun kacapé. Tirilit hapé disada, dibaca SMS ti Bapa. ”Asép, jékét dijual ka babaturan Bapa, payu tilu ratus rébu, untung gedé yeuh, isukan pakétkeun kadieu sapuluh siki mah, loba anu mesen.” Iwan Hanjuang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya