Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sajak

Handapeun Matapoé Bandung

Jumat, 19 Juli 2013

Handapeun matapoé Bandung awak ngalungsar. Taneuh

ngolétrak pinuh ku kekebul jalan. Jalan

ngabatu disangray matapoé. Handapeun matapoé Bandung

angin bangun nu suda ngulayaban. Méga duka ka mana

ayang-ayanganana

Handapeun matapoé Bandung teu kapanggih ayana

pameunteu panutan, malah pameunteu indung gé

teu aya. Nyorangan. Bangun nu nyorangan.

Handapeun matapoé Bandung awak ngalungsar

tanpa daya; - Ka mana tatangkalan nu baheula

ngaliuhan?

Ka mana tanah sawarga nu cenah pangancikan

parapohaci?

Handapeun Matapoé Bandung

Awak ngalungsar tanpa daya. Tanpa daya

Bdg, 7 Oktober 1985

 

Rosyid E. Abby – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya