Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Anu Seungit Ngadalingding

Sabtu, 20 Juli 2013

SELENGSENG. Aya nu seungit. Seungit pisan. Asa can manggihan seungit nu model kieu mah. Leuwih seungit batan parfum Eulis mun rék indit ka pangajian. Asa nodélan kana tungtung rasa. Ti mana jolna, nya? Da ti tadi gé apan taya sasaha. Iwal kuring kadua kalangkang. Tuh, nyelengseng deui. Reup panon peureum. Seuseungit diseuseup leleb. Naha saha anu makéna? Ungas-ingus. Kana baju, kana calana, kana sakur nu digantungkeun. Ah, lain! Da ieu mah barau késang. Ké, sigana tina jubah atawa sorban nu biasa dipaké tablég jeung pangajian. Enya. Pasti ti dinya. Irung ungas-ingus. Héok bau hangru piligenti jeung bau hanyir. Tuluy har-hor bau bangké. Jubah gancang balangkeun bari mundur. Beuteung murel. Kecrot nyiduh. “Nu matak gé kudu beresih! Sing iklas!” ceuk sora. Teu! Teu didéngé. Tuluy ingas-ingus deui. Léos ka tukang. Lebah anu ngalumburuk, seungit beuki dumalingding. Gog cingogo. Kamprét titinggal aki. Nu sok naklék saban anjeunna meresihan got atawa nyapukeun makam.* Nana Sukmana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya