Popotongan
“HAMPURA Neulis, Kang...”, manéh ngalieus. Nyumputkeun teuteup beueus. Basa nu nyaraksian réang nyebut sah. Sabéngbatan. Manéh nirukkeun teuteup. “Pileuleuyan!” Ngalieus deui. Teu kuat. Gura-giru balik. Nungtun si kukut. Narabas
girimis jeung mongkléngna peuting. Sapanjang leumpang. Teu kendat notor alkohol. Paselang jeung milang keclak cimata. Reumis kapeurih nu rembes tina sagurat raheut.
Geus jauh. Clak. Numpakan si kukut. “Akang...!” Kandeg. Teu tulus nyelah. “Akang rék téga?” Gabrug. Aya nu ngarangkul ti tukang. Tuluy unggah kana pangboncéngan. Sirahna nyangheuy dina tonggong. “Neulis?” ceuk haté. Gerung. Si kukut hurung. Laju ngabiur meulah peteng. Muru losmén nu sasari.
Hudang saré. Manéh jadi loba. Ngariung. Maraké baju pulisi. “Sudah. Tandatangani BAP ini! Ngaku saja! Memang kamu kan yang naruh bom di pelaminan semalam?”* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


