Anak Jéger
NU sésérahan tingaraleut. Naranggeuy kado. Euis nyalingker tukangeun tangkal peuteuy. Bréh calon pangantén lalaki maké bedahan. Kasép kéwes. Kebek kabungah. “Itu si Rosad, meni gumasép,” ceuk Euis. Teu nyaho aing anak jéger? Pokna deui.
Kusiwel, ngaluarkeun ketepél tina érokna. Ngécéng. Siett..batu sagedé indung suku ngabelesat. Maksud rék ngetepél Rosad. Nyalahan. Kalah keuna kana bolu. Mancawura. Teu kapuluk. “Duh teu keuna, aingah,” Euis ngécéng deui. Belesat..nyamos deui. Beledag kana gelung Ceu Rukmini. Ngagorolong. Nu ngalabring mimiti tingraringeuh. Tapi Euis teu galideur. Ngécéng deui. Nyalahan deui, kalah meneran kana beuteung domba. Ngabérélé. Peureuseun. Méakeun kapanasaran. Peletak nu kaopat kali mah keuna tangkal peuteuy hareupeunana. Malikan. Jegur kana pipi manéhna sorangan. Ngagoak. Huntuna coplok hiji. Jéngkél teu keuna-keuna. “Sugan kudu ku huntu aing,”pokna. Belesat..pluk kana saku bedahan Rosad. Euis beuki jéngkél. Gap kana batu sagedé peureup. Belewer dibalédogkeun. Beledug..ninggang sirah bapana nu tétéla milu sésérahan. Diopname tilu bulan.* Ki Denkur - kisuta.com


