Sarébu Cika-cika
GEUNING loba jalma ngagimbung di kamar kuring. Meureun geus nyahoeun saha ari kuring? Manusa nu leungiteun matapoé jeroeun haténa. Kapahung dina baranangna réwuan cika-cika, nu pating karetip ti unggal jungkiring gedong. Nyakséni
warnaning dongéng kulawu kahirupan dina tungtungna peuting. Saperti dongéng Tatum, nu rambisak. Waktu harita unggah kana taksi kuring. Nu teuing kumaha tuluy metot kuring ka jero kahirupanana. Ngeunaan sagalarupa. Om Danar nu potona rapang dina baliho-baliho. Hotél. Papuket dina jok tukang. Aborsi. "Néng paséa, Bén." Tatum jeung kuring, manusa suwung nu tepung di dunya nu ngalanglayung. Laun-laun kuring bogoh. Embung kaleungitan. Tapi geuning kuring lain sasaha pikeun manéhna. "Naha anjeun timburu, Bén?" Raga beuki teu boga rasa. Dunya tambah taya hartina. Ahad, basa Tatum jeung Om Danar anteng di hotél sasari. Sapada harita guyang getih ku Kaliber 38. Teu lila kuring ogé nuturkeun maranéhanana. Tuluy manggihan si jalu jeung indungna, nu geus miheulaan diruang ku taneuh beureum.* Budi Mugia Raspati - kisuta.com


