Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kuncén Sumur Tujuh Ngagitek Cokék

Senin, 22 Juli 2013

"KULA hayang ngéléhkeun si Jenong, nu bisana ukur namprak ka bajidor nu mata karanjang. Kula hayang ngaleuyah sawéran, tapi teu namprak doang baramaén"
Nyai Masnah cumalimba. Abah ngunggut surti.
Gunung Karang lain pamujan, tapi teu nampik pangharepan. Gunung Karang lain tempat paméntan, tapi henteu sulaya dipuntangan. Sumur Tujuh tara ngarahuh, ka sakur dulur ti jauh, ukur ngadunga jeung tawajuh, pang hirup teu terus ripuh.
Abah Kuncén lain jaminan, tapi ukur purah nulungan, nu ngoléar pipikiran. Ngarah jejem, ngarah getol, ngarah suhud usahana.
Cokék Nyai Masnah ti sisieun Cisadané, ngoncara ka unggal kulawarga bénténg katurunan, nu ngalumbara di dinya. Unggal pésta, unggal imlék, unggal kawin di tatangger perang, duit ngawur ka Nyi Masnah jeung Cokékna. Tangerang kwari, dina gitekna Nyai Masnah. Lain belekukna Nyai Jenong, nu namprak teu ukur leungeunna, nu ngabelekuk teu ukur dina kalang karaméanna.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya