Sapanjang Jalan Soréang
HAREUGEUEUN. Nyaksi pasini teu ngajadi. Teu nyangka ti anggalna. Langit soré tinggal angkeubna. Maturan liwung. Ngajentul sisi jalan. Pagaliwota patalimarga, asa bet ngaléléwé. Mupuas. Teu buru-buru nyetop angkot. Haté tacan leler. Kuciwa. Cimata kerep ngamalir ‘na pipi.
“Héy…nuju naon di dieu?” Hiji sora nu geus lila ilang tina pangreungeu. Najan can sidik rupana disatukangeun kaca hélm. Jelas manéhna. Nu ninggalkeun katineung dina tiap sawangan.
Lalakon lawas nyirep. Nyingraykeun pepedut nu tadi minuhan haté. Asa diupahan. Laju daék diboncéng, diajak balik.
Hujan mimiti pras-pris. Marengan motor nu ngabiur nuju Soréang. Beuki lila, beuki kerep. Beuki peureus ngusap beungeut.
“Teraskeun atanapi badé ngiuhan heula?” Sorana semu haroshos diantara héor angin jeung cluk-clak cihujan.
“Teraskeun wé, pameng…”ngawalon antaré satukangeun tonggongna.
Baju geus jibrug, teu matak mugagkeun. Aya nu ngajadikeun éndah nyorang hujan, paduduaan.
Sapanjang jalan Soréang ngajadi saksi. Ngumpulkeun deui tresna nu bacacar. Ngahirupkeun deui lalakon éndah. Nu ka hareupna robah jadi pangdakwa.* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


