Pitulung
PALATARAN nu sakitu legana teu nyesakeun lolongkrang. Pinuh. Aleutan ibarat caah dengdeng. Ngurilingan Ka'bah. Usum towaf ifadoh.
Duaan nangtung husu. Ngado'a lebah multazam. Tukangeun nu ngadaplok bari sasambat, munajat. Gigir kencaeun
ragot nu adu tanaga, pakuat-kuat. Adu hoak paheuras-heuras. Muru sunat, sakapeung mopohokeun wajib. Nongtak batur. Nyiku tukangeun. Silih sered adu jajaten. Muru nyium batu hideung. Pedah dicontokeun ku Jungjunan.
Gerewek kerah bajuna dirawel askar -nu nangkel lebah juru bari muntang kana tali kiswah-. Blus. Sirahna didegungkeun, nyulusup kana logak Hajar Aswad. Ajaib. Rineh. Teu milaraan teu dipilaraan. Hudang soteh dipenta giliran. Ni'mat.
Barang cengkat. Nu hempak ragot deui. Nyedek. Gancang ngagiwar. Milu ngamalir jeung aleutan.
"Alhamdulillah. Do'a abdi dikabul ku Nu Maha Ngabulkeun, Pa!", basa mulang ka pondokan. Balaka. Sorana dareuda.* Entjep Sunardhi - kisuta.com


