Nu Paruasa
BASA angin ngahiur ngendagkeun dangdaunan di palataran masigit, manéhna diuk andéprok handapeun tangkalna. Ngiuhan tina buringhasna matapoé. Baju rawing. Awak kucel lir tara kasaba ku cai. Teu kendat ngalamotan és lilin bangun nimat.
“Seger…!” pokna, kawas nu ngahaja ngabibita nu karék budalan ti masigit, sarolat lohor. “Cing hargaan nu keur paruasa euy…!” Ustad Rofi muncereng. Nu dicarékan tonggoy teu maliré. “Dasar nu gélo!” Modin nyenghor leuwih tarik. Keuheul.
Saenggeus és lilinna érép, manéhna cengkat. Gagang és lilin dialungkeun kana beungeut Ustad Rofi. Gentak saréréa cararengkat. Ngarejengan. Manéhna ukur seuri, teu ngalawan. “Hé, Ustad mikung! Kakara puasa bulan Romadon ogé geus asa jadi jalma pangsoléhna, siah!” Beungeut Ustad Rofi euceuy. Asa diunghak.
“Aing mah puasa unggal poé. Teu agul. Maranéh ngabibita kami ku tuangeun ngareunah alahbatan és lilin, kami teu ambek!” Sarimpé.
Léos, éta jalma ka wétankeun. Angin ngahiur deui, ngigelkeun pucuk eurih nu ngagegeba di buruan masigit.* Rudi Alfajri - kisuta.com


