Watir
DI pipir jalan, manéhna hulang-huleng. Rét ka wétan, rét ka kulon. Huleng deui, bari ngarénghap. Kitu wé jeung kitu, bangun nu keur bingung. Teu lila, lalaunan manéhna leumpang mapay trotoar.
Nyampeurkeun nu keur cinutrung hareupeun kios roko.
"Pak, badé tumaros..."
"Mangga cép..aya naon?"
"Pami beus nu jurusan ka Tasik tos ngalangkung acan nya?"
"Oh, atos cép, aya satengah jam kalangkung mah. Tapi sok aya deui, antosan wé, biasana gé dua jam sakali..."
"Sajam satengah deui atuh nya?"
"Muhun..."
"Pami nu jurusan ka Bandung tos ngalangkung?"
"Teu acan, paling gé sajam deui. Sok lirén di dideu da supirna langganan cai botolan..."
"Teu aya angkot kitu nu ngalangkung?"
"Aya, tapi enjing-enjing wungkul, pami tos wayah kieu mah moal aya."
"Oh kitu..."
"Muhun, dupi ncép téh badé angkat ka mana kitu saleresna? Badé ka Tasik atanapi badé ka Bandung?"
"Ah, henteu. Abdi mah badé nyebrang wé wungkul."* Is Tuning - kisuta.com


