Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ki Andilawa 4

Selasa, 23 Juli 2013

GEUS dua jam kuring ngajanteng. Neuteup ka hareup bari manteng. Panto nu pias pulasna, diketrok deui. Ngan simpe nu kapireng jentre. Saung hieum. Dua pajaratan gigireunnana.
"Tepungan babaturan Mama. Ngaranna Ki Andilawa. Paluruh elmu Alip ti anjeunna." kitu ceuk guru kuring. Kalimah panuntung nu kapulung.
Poe nyerelek ka sore. Wanci mimiti niisan. Mangpirang sora ngaweuhan tina unggal tatangkalan nu ngajajar mageran jalan.
Sabot angin ngahiur ngadupak mangsa, ti antara dua pajaratan nu tetenggerna ngahideung peteng, aya haseup nu ngelun. Hejo. Lila-lila ngawujud jadi hiji jalma. Awakna rengkung. Sorot panon nu ngalayung. "Bagea anaking...bieu, bieu pisan. Kuring panggih jeung guru hidep." ceuk eta wujud. Tuluy robah deui jadi haseup. Ilang, teuing ka mana. Luhureun taneuh, tapak nangtungna, aya salambar daluang nu ngempur cahayaan. Lebah tengahna aya tulisan "Tina Mim kana Alip, aya 6666 hurup nu kudu disungsi."* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya