Buka Puasa
SATENGAH genep soré. Ihsan jeung Sarah geus rérés mandi. Mang Sarpoed gé, geus saged maké baju koko nu soéh lebah kélékna. Laju indit ti imah kontrakan, ngabringkeun budakna ka masigit. Geus matuh unggal taun sok aya buka
bersama. Ngurangan béaya dapur keur jalma leutik model Mang Sarpoed mah. Nepi masigit masih kénéh suwung, béda ti sasarina. “Meureun ngké, ngadeukeutan magrib biasana sok jul-jolna!” Bari nangkeup dua anak kameumeutna. Solawatan. Waktu mingkin nyirorot ka bedug. Mang Sarpoed mimiti guling gasahan. “Naha teu aya geuning kolek téh?” Pananya Sarah, ngoétan haté. Ngong sora adan. “Hayu urang wudhu wéh ayeuna mah!” Ngajak barudakna. Cai ngocor tina keran. Aya dampal nu nadahan, pameunteuna ngempur caang. “Teu sae, teu acan dibatalan! Ieu cai ti Al-Kautsar.” Srot, diuyup ku Mang Sarpoed jeung barudakna. Nikmatna leuwih ti nu pernah dirasa....* Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com


