Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Arjuna Pésbukan

Rabu, 24 Juli 2013

ARJUNA. Mulang rapat ti Amarta. Hayang reureuh. Laju muru hotél méwah . Cara sasari diaping ku Gatot Kaca salaku bodigarna. “Gatot, sok geura milih kamar,” pokna. Gatot Kaca unggeuk bari ngaléos. Kéom. Arjuna ngagolédag kana kasur. Nyileuk.Tamba kesel, gap kana léptop. Pésbukan. Bréh! Aya potrét awéwé. ‘GEDMOOR’. Geulis ngabanding artis. “Ahaaay, siah! Halah..., asa leuwih geulis batan Subadra jeung Srikandi ieu mah!” pokna. Arjuna teu ngiceup-ngiceup. Laju di-add. Teu kungsi lila aya jawaban kalayan nyugemakeun haténa. Antukna OL meni anteng. Silih kirim nomer HP. Silih umbar rayuan gombal. ”Aéh geuning...! Sip atuh Néng...,” semu kagét. Bari nyéréngéh. Tengah peuting. Arjuna keketeyepan. Sup ka kamar nomér 308. ”Beu, geuning poék!” gerentesna. Héok, bau bangké. ”Néng, Néng...,” Arjuna ngaharéwos semu haroshos. Barang keur kitu. Ana cikikik téh. Jep. Isukna geunjleung, aya nu kapiuhan awakna bulucun. Dina dadana aya keretas sacewir. “Nuhun Cayang...!” Ttd. Gédéng Permoni.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya