Sastra & Humor
Sajak
Jemplang Samoja
Rabu, 24 Juli 2013
nyusud tapak soang di awang-awang
kasampak bulan gudawang
kapireng bangbaluh ngagotong pasaran
tangkal samoja ngebat ka pajaratan
balati anjeun poé ieu
nguyup getih jantung kuring
jeung kapeurih ngalungkawing
galindeng haté nu samagaha
di mana pohaci nu pajar rek kapibanda?
nu puguh rupaning kembang maluguran
basa jarum jam ngulapés na tungtung kecap
basa raga tumamprak ditigas usum katiga
2005
Soni Farid Maulana - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


