Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Parsél

Rabu, 24 Juli 2013

BALIK ti pagawéan di imah aya parsél. Sarwa beureum, maké tulisan cina. Teu wani muka da bisi salah alamat. Barudak duanana teu sabar hayang geura murak. Lantaran ngarenghik baé, lahlahan dikopkeun. Ceg, milih dahareun nu dipikahayangna hiji séwang. Méméh magrib, datang Bi Narsih lanjangna Haji Bahrum bandar béas, ménta parsél nu salah alamat. Bari mikeun parsél, kuring sanduk-sanduk lantaran eusina geus kacocéng ku barudak. Teu lila, Bi Narsih datang deui bari ngasongkeun keretas. Horéng catetan dahareun nu dipurak ku barudak. “Sur Pa Haji, wayahna kedah dibayar,” cenah. Basa isukna kuring rék mayar, di bumi Pa Haji ngabarak puluhan parsél pangintun ti mitra dagangna, nu biheung katuang ku anjeunna.* Teti Taryani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya