Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Poto Papih

Kamis, 25 Juli 2013

WAKTU papihna dirurub ku samping, indungna nangkeup pageuh bari ngaharéwos kana ceulina,
“Inés kedah bageur nya, ayeuna mah” Inés cicing.
“Inés nyaah teu ka Mamih?” Indungna ngaharéwos deui. Leungeun Inés ngarangkul kana beuheung indungna, haténa ngagerentes, “Inés nyaah ka Mamih”.
Inés tos bageur. Mamih uihna wengi baé. Inés amengna sareng bérbi, atanapi nongton spongbob. Pami lapar Inés dihuapan ku bi Ijah. Tapi bérbi mah teu tiasaeun nyarios. Spongbob amengna sareng pétrik wungkul. Panangan bi Ijah mah henteu lemes siga panangan Mamih. Inés neuteup kana poto papih nu nuju calik. Nganggo jas, nganggo dasi. Imutna leleb ngusapan ka Inés nu ranggah. Kadéngé ngaharéwos, “Wilujeng ulang taun, geulis”.
Reg, sora mobil dihareupeun imah. Indungna turun bari angkaribung mawa bonéka biruang badag. Gera gero néangan anakna. Simpé euweuh sora. Euweuh nu nelenyeng lumpat bari ranggah. Teup, panon indungna kana poto badag dina témbok. Salakina imut leleb bari mangku Inés nu seuri bungah dina lahunanana.* Aam Amarullah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya