Buyut
ALEUTAN bésan ngabandaleut. Dipirig dar dér dorna petasan. Ngabagéakeun bari nyieuhkeun belis. Taya nu ngalongkéwang. Bésan ngarélék ngégél babawaan. Dideudeul dongdang. Sémah dibagéakeun. Disuguhan.
Balakécrakan. Walimahan dimimitian. Pangantén diréndéngkeun. Disaksén ijab kobul. Ngalaksanakeun syaréat-Na. Sah sacara agama jeung darigama. Ngadunga. Syukuran murak berkat. Pangantén huap lingkung tuluy patarik-tarik bakakak. Dibagikeun. Adi pangantén lalaki, kabagéan hulu bakakak kasedepna. Dikeremus sapada harita. Crot! Polo hayam ngacret kana lebah pinareup pangantén awéwé. Raksukanana kakotoran. Geuwat leungeunna meresihan acuk nu kakotoran téa. Katempo ku pangantén lalaki nu teu apal jujutanana. Disangka cunihin. Nyel ambek. Kahuru timburu. Jebrod meupeuh adina. Teu narima salah. Der silihbales. Dua anak jawara galungan rongkah. Teu bisa disapih. Simpé. Basa duanana nangkarak bengkang. Ngababatang.
Kariayaan robah jadi kalaraan. Kokolot pangantén lalaki biantara. “Ti ayeuna ka hareup, saturunan kami di lembur Panyingkiran Rawamerta tatar Karawang, buyut!” Supata terap nepi ka ayeuna, matak ngadadak ateul saawak-awak mun ngadahar hulu hayam. Cadu!* Mulyana SA - kisuta.com


