Sastra & Humor
Fikmin
Teu Tibalik
Jumat, 26 Juli 2013
DI lembur uing. Nu gering ngalencar, nu cageur arasup rumah sakit. Pasén ngubaran dokter. Barudak palinter mapatahan kolot. Pamingpin lobaan, rahayatna ngan saurang. Embung éléh, "Uing rék leumpang makê sirah!" Beretek
lumpat. Tarang buncunur. Sirah ngagedéan. Bareuh. Tapi lila-lila mah teu karasa nyeri. Lumrah!* Eboed Eman Budiman - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


