Sastra & Humor
Fikmin
The Last Sindén
Jumat, 26 Juli 2013
HAWAR sora penclun bonang saléndro ngaharib sorog ka peutingnakeun. Késétan rebab ngagilisir kana panineungan mangsa lawas. Kumalangkang éarna keprok dina haleuang lagu bardin. “Itikurih bentang sinyar maen di lapang
Cicéndo, nyeri peurih ku anu anyar ari ras ku dibobodo.” Ayeuna sagala panyombo ilang karurub umur, geulis kari dongéngna. Ngelemeng bur-ber anu ngalungan saputangan kalandep ku halimpuna sora. Balik deui ka lembur, haleuang diganti ku étém, ngala suluh ka sisi lembur. Aya juuh cimata saban wanci shalat, ras lampah ka tukang bener jeung salah. Aya pananya dina jero dada, keur isuk jaganing pagéto, ngahaleuang deui di alam kabagjaan. Anu teu laas dina pangimpian.* Iwan Hanjuang - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


