Ramadhan di Rancanasar
MASIH halodo geuning. Katiga bet kamalinaan. Langit teu ceudeum-ceudeum acan, kawas nu hoream ngucurkeun cihujan. Ngabetrak panas, nyeuseup tiap keclak cai, ngoletrak nuuskeun sumur nepika dasar. Wahangan euweuh caian,
ukur papaes rungkang jeung galitukna batu nu euweuh simaan.
Alam guligah, tatangkalan laleumpeuh, sasatoan lalimpeu, kekebul mulek mulas titingalian nu beuki saar. Tapi, dina palebah iuh-iuh jalan, masih atra aya sora-sora tumarima, ngumbar wirahma bagja, suka bungah gogonjakan sanajan bari nahan beuteung anu lapar. Puasa, wanci nu dianti-anti pikeun babakti gumati ka Gusti, ibadah nyiar barokah, taat parentah agama anu utama.
Maranehna anu hirup basajan, tetep ngamalirkeun dzikir tina sela-sela biwir nu garing, bareulah nahan rongkahna gogoda jaman. Lengkahna tatag napak lemah nu panas nyongkab, nuturkeun kaimanan anu masih pageuh mageran.* Zulaikha Sobana - kisuta.com


