Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Di Langit Taya Béntang

Sabtu, 27 Juli 2013

BEUKI peuting mingkin ramé, hawa bayeungyang, nu oyag di pakalangan beuki motah. Awak nuturkeun ketak wirahma, pikiran ngapung ka alak paul.
"Woles, say...! kita nikmati malam ini, let's go girls!” Si Mayang metot leungeun, awakna endag, kuring nuturkeun, ka tengah pakalangan, bau haseup jeung alkohol pacampur jeung rébuan parpum. Lampu muter, puluhan kelir mancawura. Kolébat beungeut salaki nembongan, geus tilu bulan taya mulang, leketey haté nu ligar malugaran. Kuring sésélékét ninggalkeun karaméan. Karasa simpé haté téh, "Na atuh naon nu ditéangan?" Tanya kuring ka diri, getih lalaunan maju mapay urat, jajantung ukur endag siga nu embung ditanya.
Gék diuk dina sofa juru rohangan, leg kana pil leutik kelir héjo, leguk diinum, karudet mimiti ngipisan, reup peureum sirah gédég.
Tirilit! SMS, ti Si Cikal, "Mah, Si Rani ayeuna di UGD, babalapan, katabrak ku babaturanana!" Jedak! Mangrébu palu nakolan sirah.* Cucu Unisah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya