Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Mapag Dulag

Sabtu, 27 Juli 2013

DI masjid Syuhada. Laju ka tengah peutingnakeun. Sora dulag ngageder nyasaak rasa. Takbir nu di dangding lir hinis nu nyisit ati. Haté beuki sumerah. Batin ngageunggeuik. Ngageter saawak-awak. Gubrag ragrag. Bleg aya nu nangtung hareupeun. Ngalaan baju nu nutupan raga. Hawa tiis nyelesep kana raga nu teu katutupan. Curukna diantelkeun kana beuteung. Diturihkeun. Beuteung gudawang. Laju nyokot daging leutik. Hate. Jeung jantung. Dinangna-néngné. Ditimbang-timbang. Ditiupan. Diberesihan ku lelembutan. Kokotor jiwa dipiceun. Rereged hirup disieuhkeun. Tutas. Sup! Dibalikeun deui. Jempol ngarapetkeun beuteung nu gudawang.
“Sumanget jeung napsu ayana dina haté. Jantung tempatna émosi. Beresih. Suci. Lir kertas taya cela. Geus lulus ujian.” Ngabetem.
“Sampurnakeun hirup suci ku pangampura ti sasama. Sarta iasa kumerab ka Allah.”
Wuish! Ilang tanpa karana. Bray! Panon beunta. Jamaah takbiran masih ngaréréyang. Ger surak. Mireungeu kuring beunta. Sora takbir ngalanglaeu. Dulag nurugtug mapag balébat lebaran.* Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya