Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Demi Kakang

Minggu, 28 Juli 2013

MASIH kénéh di dapur bari anteng ngawaskeun nu keur ngucibek dina jolang basa manéhna nyampeurkeun. "Parantos?" haréwosna. Kuring ukur gideug binarung paroman alum. "Sok atuh, enggal réngsékeun Kakang tos teu kiat...." pokna. Manéhna ngaléos ka patengahan. Rét, kana méja, leungeun katuhu ngadongkang batu timbangan laju nyampeurkeun kanu keur ngucibek 'na jolang. Sabenerna mah teu téga tapi kapaksa demi cinta kuring ka manéhna. Gerewek! Habek! Habek! Dua kali batu timbangan ninggang sirahna, ngulapés teu sakara-kara. "Hampura...." gerentes kuring, murubut cimata. "Kumaha, tos beres?" sora halon marengan imutna. "Parantos, Kang. Demi Kakang," walon kuring, nginghak. "Ehm, jeung nangis sagala. Kunaon?" Manéhna ngusap cimata 'na pipi kuring ku réma-rémana. "Engké deui, ulah nyuhunkeun goréng lélé, nya. Abdi teu téga maéhannana." Manéhna ukur nyakakak. "Da moal ngajungjurigan atuh. Énggal geura pasak, Kakang lapar."* Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya