Gacong
"BAPANA, jung bae tiheula. Bawa timbel sapuratina dina belenik. Ke kami mah nuturkeun, kagok kulub suuk can asak", bi Nimoh nyarita ka salakina.
Jung mang Sudia nyuhun belenik. Teko nu cakeutreuk balas nagog luhur hawu dijingjing. Panas keneh. Nyambuang seungit
enteh badag -siga runtah- nu kakara diawurkeun.
Di sawah nu rek gacong geus nungguan bari ngadago reumis turun. Wanci haneut moyan kakara dimimitian. Truk-trek sora etem motong ranggeuyan pare, nyesakeun jarami nu angger rajeg. Nganggeuskeun panen tina kotakan laleutik -kira saratus bata- perlu nepi ka pecat sawed, ku sapuluh urang. Ranggeuyan nu ngabarak dina galeng diperenan. Dibeungkeut tali awi sapocong-sapocong.
Handapeun kihujan aya sapuluh gunduk. Rata-rata dua atawa tilu sangga.
"Tah nu uing tilu sangga, nyanggakeun!", cek Unah. Tuluy nyokot tilu pocong minangka buruhna. Rengse.
Memeh diunjal kana roda, balakecrakan heula. Muka timbel nu geus mimiti garing. Ni'mat beak karep.* Entjep Sunardhi - kisuta.com


