Dicabok Mitoha
PANGANTENAN usum ngijih. Asik, gerentes Jang Ute. Siga wanci sareureuh budak ayeuna, ngecrek hujan ti sore keneh.
“Ambuu, bocor nyakclakan!” pamajikana ngagorowok ka indungna. “Cekelan nu pageuh, Nyi!” Jang Ute gagaleyongan.
“Aeh, tong dibere mun maksa, dosa etateh Nyai” tembal indungna ti kamar sabeulah.
“Aduuuuh, Aa nyeri..!” pamajikana ngajerit. Di kamar sabeulah Indungna ngaguyah-guyah salakina.
“Bah, bah anak urang tulungan!” salakina nu keur nyegrek kerek, nguniang hudang. Blug! “Aduh, Abah nyeri!” anakna ngagorowok deui, Bah Rowi ngagurinjal, gura giru muru kamar anakna. Panto ditubruk.
Bray, katempo dijero enggon, kasur digulung, bangku leutik plastik ngagoler. Anakna katindihan Jang Ute. Gerewek Baju Jang Ute dicentok, “ Kurang ajar, na meni teu sabar ari sia, rusak anak aing atuh!” jeplok, jeplok.
“Aduhhh, Ampun Abah!” Jang Ute lumpat ngabecir. Hujan kalah ngagebret, bocor ti lalangit kamar anakna beuki ngerepan.* Kang Ismaya - kisuta.com


