Nu Mapay-mapay Jalan
SAJADAH kulawu. Di jero kamar ukuran dua katilu. Lampu nu ngagantung, sawarna jeung panon anjeun anu hurung. "Lebah mana, ieu?! Geus nepi ka mana, ieu?!" Lalangit kamar jeung korsi hoe nu leutik. Sora-sora nu minuhan sirah
lebah tukang patarik-tarik.
"Boa eta? Enya, boa eta?" Ceuk manehna bari nyampeurkeun sabotol cimata indungna, nu ngahaja dikumpulkeun unggal peuting juma'ah tina kekeclakan tangkal samoja. Ret, manehna melong ka kuring, "Dina naon anjeun neundeun Alip? Dina naon anjeun neundeun Mim?" Kuring peureum. Lampu pareum. Manehna ngorondang nyampeurkeun. Tuluy ngusap-ngusap dada lebah kenca. Aya cahaya nu ngempur. "Uing geus nepi! Uing geus nepi!" Manehna ngajorowok, tuluy ngasupkeun peso kana tikoro.* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


