Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Pérélék

Senin, 29 Juli 2013

SABAN aya riungan. Kuring sok diangkir laju dikurilingkeun. Meuni leuseuh pisan. Leneng. Mangkaning disusurung bari ngajegung-jegungkeun sirah kuring. Di bagian sirah nu méléngé, dijejel-jejelkeun rupaning kagegelan. Leuheung mun galedé. Ieu mah asal baé. Padahal pada apal pahlana lipet tikel tur ngocor terus najan nyawa maranéhanana geus maloncor. Ieu mah kalah haré-haré. Samalah sok aya nu pura-pura saré mun pareng kuring ngaliwat. Pikasebeleun. Regeyeng kuring dijingjing! Dijagragkeun di patengahan. Taya ras-rasan pisan padahal kuring masih liwung. Satutas mancén tugas nguriling ba’da tarawéh peuting lilikuran. Juralit kuring ditonggéngkeun satakerna. Borolo eusina barahéan. Ngabayak. Ambarayah. Badis ngeprukeun tai kanjut. Diitung gemet. Dicatet daria ku pangurus. Kuring ukur ngadedempés. Nyérangkeun bari ngahéphép. Matak lungsé basa ngadéngé, “Hasilna mingkin nyirorot Euy!” Cenah. “Taya menyatna!” Katempo saldo dina catetan jadi mineus. Dumadakan panon ngembeng. Ngalimba bari neneda, “Gusti naha ka marana ari baraya kuring?” Pok deui-pok deui gumerendeng. Dina sela séahna jama’ah nu lobana lir kadia budah.* Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya