Ti Kolong Jembatan Layang
TEUP manéna di kolong jembatan layang. Geus rada peuting, tapi barudak anteng kénéh dialajar nulis. Guruna imut mapagkeun, "Sina nembrakkeun éksprésina séwang-séwangan, wiréh wengi kamari harga BBM ditaékkeun." Cara
sasari, manéhna ukur ngajawab ku imut. Laju mapayan barudak nu aranteng, bari diusapan sirahna taya nu kaliwat. Lebah budak awéwé nu keur lelenggutan, manéhna deku. Celengok budak dicium lebah embun-embunanana. "Upami tos réngsé énggal kempelkeun," sorana nu halimpu diseuseup ku angin peting. Sora kandaraan ngaguruh kénéh. Barudak paheula-heula ngumpulkeun karanganana. Salah sahijina dibaca ku manéhna, "iyeu pesan rini bapak persiden... mamah rini nangis da. ongkos angkot ka pasar janten 4 ribu. apan untung mamah icalan tutut mung 3 ribu." Bari cimili, sampiung manéhna muru puseur dayeuh, karangan barudak diawurkeun luhureun istana nagara, jadi hujan kasumba.* Darpan A Winangun - kisuta.com


