Wasted Sunset
Pasosoré. Lingga, pamuda urban, ngajanteng 'na lawang kafé. Katara mandeg-mayong. Laju mutuskeun, asup. Ngaléngkah jauh ka tungtung. Diuk mencil ti karaméan. Ruangan teu pati caang. Tina jandéla, sariak layung
ngaleuncang, nyalangkrung 'na hateup-hateup. Sabagéan seselendep moncor 'na liang loster, mantul ka méja marmer, tingarudat samar-samar. Maneuh, Lingga méakkeun sésa waktu, mungkas rutinitas sapopoé . Pikiranana kumalayang ngawangwang lembur. Bréh! Yoni, Kembang Désa nu ditinggalkeun. Harita mah yakin pisan, ukur manéhna nu bakal metik nu jadi beubeulahan jiwana, humarep tuturus rundayan ka hareupna. Nyedek ka peuting. Bareng jeung turunna ciibun, dunya kalimpud sagara impian. Wanci nu nyugemakeun pikeun sakumna. Tapi. Manehna, tetep nyileuk. Teu wani saré, sieun ku ngimpi. Melang mangsa hudang, impian béda jeung kanyataan.* Helmi Pakudjati - kisuta.com


