Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Saba'da Hatam Al Quran

Selasa, 30 Juli 2013

Éksékusi cunduk! Di palataran Masjid Ibrahim Al Jufali. Kornis. Jeddah.
“Mun tos siap pasihan kodeu!” Haréwosna halon. Panon dibengker. Peteng. Dituyun. Ngiblat. Leungeun ditalikung. Suku dibangkol. Pasrah. Méré kodeu. “Gecrék..!” Pedang nunggel jangga. Gelenceng sirah sakitan nu di sagigireun kuring kadéngé murag. Pluk! Kejer. Getih seger nyérét. Kuring méré kodeu deui. Gilig. Tapi teu plas ditilas. “Kunaon?” Gumerentes. Padahal geus dumuk dititah ngahatamkeun Qur’an dipangbérokan, cirining kuring ngadago kisos. “Rék dikumahakeun deui? Meuni teu euih-euih ngakaya téh!”
Regeyeng kuring dibopong. Dipuatkeun deui ka mobil tahanan. Ngadius muru hiji tempat. Tetempoan masih poék najan bengker panon geus dibuka. Dikerem. Tuluy karasa dibawa hiber. Mingkin lila mingkin luhur. Anjog di hiji tempat. Pada ngabaréyéng. Jiga nu ngabaragéakeun. Pangangguran kuring méré kodeu deui. Sangkan buru-buru ditilas. Malah diharéwosan, “Mamah tong angkat deui nya? Enéng sareng si Aa tos sakola.” Nongtoréng. Ngaguyah-guyah. Bray beunta. Tapi téténjoan tetep poék. Kadéngé jalma-jalma di sabudeureun ngaromong sunda.* Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya