Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Peuting Kingkin

Selasa, 30 Juli 2013

PEUTING ngadadak leungiteun jempling. Haliwu. Sora kohkol. Laung sirineu. Jerit piriwit. Awor jeung nu pating gorowok. Pacowong-cowong haréwos. Leuweung geunjleung. Lembur ibur. Saréréa. Ngaleut ka puseur dayeuh. Sasénterna-saoncorna. Paburu-buru. Ngajugjug alun-alun. Paheula-heula. Papada hayang panghareupna. Papada hayang méakkeun kapanasaran. Pagegelek. Pasesedek. Bréh. Saréréa ngembang kadu. Réwuan pasang panon. Cireumbay. Réwuan haté. Ngageuri. Handapeun tihang bandéra. Aya Anjing. Paungku-ungku jeung Ucing. Kingkin. Nyeungceurikan bugang Bagong. Nu cenah palastra na tungtung kasarakahan Beurit.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya