Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kolek Cimata

Rabu, 31 Juli 2013

PUASA munggaran. Saur tanpa bapana barudak jeung Si Cikal. Bapana teu bisa mulang, kagok hancaeun cénah. Barudak geus boseneun deui tumanya. Sabodo teuing, bapa aya atawa euweuh, taya bédana. Sakalieun aya gé, tara ieuh daék ruang-riung, ujuk-ajak. Ngerem di jero kamar. “Boga bapa téh ngan kasebutna wungkul!” Si Cikal ngajorowok. Ambek jeung kesel ngabandungan polah bapana. “Plak…!” Dampal leungeun bapana antel tarik ka na pipi Si Cikal. Ngajurung pundung teu daék deui mulang, nepi ka ayeuna.
Sasadiaan keur buka puasa, geus bérés. Ngahaja nyieun kolék hui. Kabeuki Si Cikal. Sugan jeung sugan, manéhna aya balik.
Ngong, adan Magrib. Barudak kup-kop kana mangkok eusi kolek. Tinggal samangkok, hancengan Si Cikal. Mangkok diteuteup. Kolébat beungeut Si Cikal. Nyurung cimata ragrag awor jeung kolek.
“Tok…tok…tok!” Panto hareup aya nu ngetrokan. Matak ngarénjag. Buru-buru ditéang bari nananggeuy mangkok. Barang bray muka panto. Dua lalaki geus ngabedega hareupeun lawang. Hareugeueun. Kocéak. Ngabedahkeun cimata, minuhan mangkok.* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya